Kitab Waruga Jagat Bahasa Sunda Dan Terjemahan

Kitab Waruga Jagat
Kitab Waruga Jagat / virtualtour.sumedangkab.go.id
0 Komentar

Sang Rasaputih nepi di Balungbangan, apuputra istri anu dibikeun ka Ratu Medangkamulan. Apuputra ti Jakahtawa, terus nikah ka Nyi Ragasia. Terus apuputra kakaian, nailka buahan lahir bayi jeung ‘lelenge rujak hangor’ sakumna peurag bisa anu aya di Nusa Jawa. Ari Atmasuci tatapa di Sam Kaler. Tempatna ……. Ka Ki Sadana, apuputra istri namina Dwirasa …. Ka Raden Jayakeling, nyaéta asalna sakumna ….. nganjrek jeung aya sabab rajaputra pindah ka …… anu dipuja, Cahaya anu kaluar tina panon sababna dijujulukan Ratu Galuh, sabab Ratu anu daulat, terus satemenna kahoyong Allah bendu ka hambaNa, sabab teu nganut sareat Nabi Noh, terus sakumna hanjat kana parahu, ari Ratu Galuh nyaah ka gunung luhurna tujuh langit.

4) Tuluy sakumna rakyatna naék gunung, sabada tuhut tuluy turun ti gunung, terus unggah ka Bojonglopang, nyieun dukuh, anu diwujudkeun gunung kulon, dipanah ku malaikat, tuluy ancur gunung téh jadi sekalian kabuyutan di Nusa Jawa. Ratu Galuh putrana ti bangsa manusia anu sulung Hariang Banga, anu kadua Ciungmanarah dan anu katilu Ratu Marajasakti.

Ari Hariang Banga apuputra Ki Gedeng Mantalarasa. Ki Gedeng Mantalarasa apuputra ki Gedeng Mesir, Ki Gedeng Mesir apuputra Ratu Majapahit, apuputra Ki Gedeng Jati, apuputra Ki Gedeng Kartadipura, apuputra Ki Gedeng Sari, apuputra Ki Gedeng Kacung, apuputra Ki Gedeng Suruwud, apuputra Pangeran Sedang Karapyak, apuputra Pangeran Sedang Kamuning, apuputra Sultan Mataram, apuputra Susuhunan Tegalwangi, apuputra Susuhunan Mangkurat, apuputra Pangeran Dipati Anom. Ari putra Ciungmanarah diturunkeun di Pajajaran, dina mangsa bawaana panday 800 jeung putera istri anu diwastaan Purbasari, carogena Lutungkasarung, putra ti Manggungmendung, apuputra Linggahiang, apuputra Susuktunggal.

Baca Juga:Sistem Beribadah Sunda WiwitanAjaran Nenek Moyang Sunda Wiwitan

5) Apuputra Perbu Mundingkawati, apuputra Perbu Anggalarang, apuputra Mundingwani, anu baheula jadi Ratu Sunda, ngawasa di Pajajaran. Putra Ratu Siluman tujuh jalma lobana, anu kahiji Ki Jakahlarang, tempatna di Roban, anu kadua Ki Tua Sapularang tempatna di Tanjungbang. Ki Diriawangi tempatna di Wiraga jeung nu kaopat Ki Koyopok tempatna di Guha Upas, anu kalima Ki Kompanglaang tempatna di Guha Pajajaran, anu kagenep Ki Dulek pernahny di Sancang, anu katujuh Ki Kelewing tempatna di Pajajaran.

0 Komentar