Kitab Waruga Jagat Bahasa Sunda Dan Terjemahan

Kitab Waruga Jagat
Kitab Waruga Jagat / virtualtour.sumedangkab.go.id
0 Komentar

Putra ieu teguh imanna kana agama Islam teu tumut ka anu dianut ku ramana tur akina, sabab kitu diusir bubar ke wétan. Kian Santang diusir ku ramana, sabab panasna Nagara Pakuan. Asalnya miang ka nagari Campa adina dibawa anu diwastaan Sarikabunan, terus dinikahkeun ka Ratu Tuban …… Duta Samud buyutna Ki Jatiswara, terus Pajajaran burak. Burakna dina poé Selasa tanggal 14 bulan Sapar taun Jim-Akhir.

Anu tinggal dua putra, anu saurang diwastaan Pucukumun jeung anu kadua diwastaan Sekarmandapa. Dina aktu harita Pajajaran éléh, terus Pucukumun ditawan ku Ratu ti Wétan, sedangkeun Ratu Mandapa kabur ka Gunung Gedé ngajugjug Ajar Sukarasa, terus tatapa jeung ajar.

Dina hiji mangsa cimani ajar téh nétés keuna kana gagang kujang ajar. Terus Ratu Mandapa meulah jambé ku éta kujang, nya kabawah cimani ajar téh, nalika keur nyeupah cimani téh kadahar ku Ratu Mandapa, lawas-lawas manéhna ngandung jeung sabada duabelas bulan tuluy ngalahirkeun, putrana sahiji orok istri anu geulis rupana, terus diwastaan Tandurangagang.

Baca Juga:Sistem Beribadah Sunda WiwitanAjaran Nenek Moyang Sunda Wiwitan

Terus sabada déwasa dipasrahkeun ka Pangeran Jakerta, nalika rék sapatemon terus kaluar seuneu tina laranganana, saterusna dipénta ku Ratu Cirebon bakal dipigarwa, tapi kaluar seuneu tina laranganana, terus dipasrahkeun ka Kiai Gedeng Mataram, nalika rék sapatemon, kaluar seuneu tina laranganana. Sabab kitu dianggap taya gunana, tuluy dijual ka Ratu Walanda (ditukeuran ku) bedil (mariem), mariepam éta dibagi: Mataram Si Gunturgeni, Cirebon Si Santomi, ka Banten si Amuk. Terus putra SIliwangi anu lahir ti Padnawati diwastaan Ranggamantri, terus apuputra Selawati, Ratu Selawati apuputra Sang Adipati nganjrek di Kuningan. Anu saurang diwastaan Ratu Sedalarang. Terus apuputra Perbu Cakradewa, Prabu Cakradewa apuputra Singacala.

Terus saurang putrana Kidangpananjung diwastaan Perbu Sari apuputra dua, anu diwastaan Borosngora, ditempatkeun di Panjalu, anu saurang ldeui aya di Rajapolah. Ari putra Ratu Komara diwastaan Dewaguru, Dewaguru apuputra Guruhaji, Guruhaji apuputra Hajiputih, Hajiputih apuputra Susuhunan Gösanhulun, Susuhunan Gösanhulun apuputra Pangeran Sumedang Kahiangan jalmaan ti Komara diwastaan Batara Tuntungbuwana nganjrek di Sumedanglarang.

0 Komentar