Kitab Waruga Jagat Bahasa Sunda Dan Terjemahan

Kitab Waruga Jagat
Kitab Waruga Jagat / virtualtour.sumedangkab.go.id
0 Komentar

Ratu Demang apuputra Batara Yang Sengkawaja wastana nikah …… ka Batara putrana pohaci Rabanu apuputra Batara Sedang Kawindu. Batara Sedang Kawindu terus apuputra anu maot di Galuh, tuluyna pegat kalungguhanna diselang ku pamanna diwastaan Saröpön, Saröpön Cipacul. Terus putrana duaan, anu kahiji anu maot di Cibuntu, anu kadua Dalem Demang.

Terus anu maot di Cibuntu apuputra Dalem Demang Agung apuputra Kiai Ngabehi Sama, tempatna di Sindangkasih. Anu saurang putrana Raden Ganduwangi anu lahir di Margacinta, terus apuputra Sanghiang Medang, apuputra Susunan Pandujaya tempatna di Pawenang.

Anu saurang putrana Raden Numbang, putrana ti Intenbancana, terus apuputra Sangiang Sumurgagung, Sanghiang Sumuragung apuputra Sanghiang Maha Sahunggantung. Anu saurang wastana Ranggasanten, putra ti Marajakastori diwastaan Dirgahiang, putrana Mundingjaya tempatna di Mandala. Anu seurang putrana Susunan Sinduparmana, anuk kadua di Galuh, putrana Susunan Jaratna tempatna di Cipinaha.

Baca Juga:Sistem Beribadah Sunda WiwitanAjaran Nenek Moyang Sunda Wiwitan

8) Anu saurang putrana Raden Srigading tempatna di Sukakarta. Anu saurang meunangkeun Sang Mahawidara, tempatna di Maja. Anu saurang Ratu Purbasakala diwastaan Susunan Tambalayu.

Terus apuputra istri diwastaan Ratu Gumilang, terus dipasrahkeun ka Santewanan Gunung Licin. Terus apuputra Susunan Malaya, tempatna di Taraju. Anu saurang wastana Kian Santang, terus nikah jeung Ratu Mandapa, terus apuputra istri Emurhali carogean Bimalarang putra ti Jampang ditempatkeun di Nagara.

Anu saurang putra Mundinglaya, anu lahir ti Arumganda Wayansari, terus apuputra Susunan Cilöwih. Ditempatkeun di Kadungora, terus apuputra tiluan; Marajahiang Terusnabo tempatna di Parakantiga, Amarajahiang Rajanabo ditempatkeun di Kandangwesi, Marajahiang Lugajaya ditempatkeun di Cidamar. Ari anu saurang putrana Susunan Rajanawung lahir ti Rajasari, diwastaan Ratugala istrina nalika ngandung, tatapa di Srangenge sarta jeung Batari Resikputih, terus apuputra diwastaan Sang Dewaguruhaji, apuputra Tajimalela.

10) Tajimalela apuputra Gösanhulun. Susunan Gösanhulun apuputra Pangeran Sumedang, tempatna di Sumedanglarang. Anu jadi sabab para putra Ratu Sunda bubar ti Pajajaran diusir ku ramana, sabab geus lengkepna ajaran Kian Santang samulangna ti Ka’bah Allah.

0 Komentar