Tamat.
Nya ieu carita hadits. Sing saha nu ngadéngékeun, maca ajaran ieu disaruskrun jeung Qur’an tilupuluh juz jeung masih disaruakeun jeung perang sbail sarébu kali jeung digunakeun jadi ubar sarta …. Di imahna keuna ku pitenah setan iblis jeung lamun manéhna asup ka naraka kula anu bakal ngomong supaya dimulyakeun. Ieu téh carita putra Nabi ti (istrina) anu anom diwastaan Baginda Sam. Baginda Sam apuputra Bakarbuwana, anu apuputra Manaputih … gantungan. Manaputih …. Gantungan apuputra Ongkalarang, Ongkalarang apuputra Sayar. Ratu Sayar apuputra Ratu Majakane, Ratu Majakane apuputra Parmana. Parmana apuputra limaan: Anu saurang Ratu Galuh.
2) Ratu Sriputih. Anu saurang Sang Rajaputih. Anu saurang Atmasuci. Anu saurang Ratu Brahma. Ratu Brahma dibawa ti Selan ka Nusa Arah, ngadegkein dukuh di Medangkamulan babarengan (jeung) adina nu awéwé diwastaan Ratu Dewi Hasta Terusgumuling. Terus pepelakan jawawut, kusabab kitu dingaranan Nusa Jawa. Terus garwaan putera Ratu Mesir anu diwastaan Ratu Parwatasari.
Adi putra Ratu Mesir anu lalaki diwastaan Ahmad nikah, panggih jeung adi jeuyng adi. (Pangiringna) ti Selan sarébu ti Mesir sarébu oindah tempat ka Gunung Kidul. (Ratu Galuh) apuputra tiluan. Anu saurang Ki Dipati Hariang Banga, kadua Ki Dipati Ciungmanarah, jeung Ratu Marajasakti. Ayna … ditinggalkeun di Ujungkulon ku Aki Bagawat.
Baca Juga:Sistem Beribadah Sunda WiwitanAjaran Nenek Moyang Sunda Wiwitan
Terus lawas-lawas terus maot dikubur, terus ti anak awéwé anu maot téa, sabab manéhna ceurik anu kacida hayang bubuahan, anu kacida ngeunahna budak téh teterusan ceurikna hingga ka maotna, jasadna dikubur, lawas-lawas tuwuh tina tatangkalan anu matana jadi watang pare jeung kumha bahan pangan anu ngareunah. Terus Putra Ratu Mesir téh maot, Ratu Parwatasari diserahkeun ka Medangkamulan, rakyatna sarébu bawaanna carogéna asalna di Nusa Jawa. Ari Ratu Barahma datang di Negara, putrana awéwé
3) Dibikeun ka ratu Medangkamulan, terus apuputra ti Ratu Istri anu ….. panas di Negara …… terus diusir ka ….. kulon terus nikah jeung Ki Jakahtawa terus …. Ajeg kapanasan, sarta apuputra tuluy moot dikubur, tuluy tuwuh jadi kai samida ngaranna téh, tempatna di basisir, tembulina dipiceun ka laut, tuluy jadi sarupaning anu peurahan di laut.